GUGUS 17 KERAMAT

Gugus Sekolah 17, Jl. PHH. Mustofa No. 46 Kota Bandung, Telp (022) 7203489 - 73445059 E-mail:gugussekolah17@gmail.com.$MOTO: KeRaMaT=Kerja niatnya ibadah * Rachmat dan Ridlo Allah yng diharap* Martabat guru jadi meningkat* Teknologi Informasi medianya$

ha WU

 




SAMPURASUN...!!!

Nepangkeun abdi Sutarwan. Lahir mah di Desa Salakaria Ciamis, opat welas tanggalna, juni bulanna, geneppuluh taunna. Teu kantos sakola teka, da di kampung tea can aya harita mah, teu kantos ngarandapan diajar di kelas 6, jalaran diujiankeun ti kelas 5, nuhun ah pa guru (Pa Iben gr kls 5), bisa jadi “ieu budak”pinter keur ukuran urang kampung harita mah.

Alhamdulilah dina sajarah pribadi abdi mindeng ngarandapan jadi pangorana wae. Lulus sakola guru di Pandeglang taun 1977 umur nincak 17. Jadi pagawe negeri umur 18 taun 3 bulan. Jadi kapala sakola dasar umur  33 taun 8 bulan, jadi pengawas  tk/sd umur  37 taun 5 bulan , taun 1997.(jaman harita mah nu jadi pengawas teh biasana kapala sakola nu  yuswana manjing  55 taunan).

Kantos janten redaktur Tabloid Sunda Manggung (nu ngan sakeudeung umurna) gawe bareng jeung Budi Rahayu Tamsyah, Yatno, Haji Hasan di Bandung. Pangsiun tina sarjana basa sunda ikip bandung taun 1986(pangsiun soteh pedah tara nulis). Ayeuna ditugaskeun jadi Pengwas TK Gugus 15 (Mawar) pleus Pengawas SD Gugus 17 Kecamatan Cibeunying Kidul Kota Bandung, Indonesia.

Dina barang gawe abdi ngagem moto: “Tulis apa yang dikerjakan, kerjakan apa yang ditulis”.
Sakitu we heula wawanohan jeung urang dapur.

RAMPES....!!!



Ngiringan ah; nami sim kuring Yatna asli Bandung lahir kaping sawelas sasih Juli tahun sarebu salapan ratus tujuh puluh lima, kawitna teu nyangka - nyangka bakal jadi Guru pedah baheula mah lulusan peternakan Unpad ngadon ngangon sapi jeung hayam.

Taun duarebuan jadi alih profesi ka sagala bidang nya panungtung nincak aya di SDN Sukasenang ieu, mudah - mudahan ieu anu terakhir nu diridhoan ku Alloh SWT.... Amin.

Saatos rengse sakola ti sarjana pendidikan ; mung hiji cita - cita teh hoyong ngamajukeun sakola pangpangna sakola dasar, sabab di SD ieu anu bakal ngajantenkeun sikap jalma - jalma anu tiasa mandiri, kreatif, jujur, jeung mikahormat kanu jadi indung bapa, guru, dulur2, jeung baraya sadayana.


Dicekapkeun sakieu heula ti simkuring, insyaalloh pami aya waktos urang dilanjut deui.....
Hatur Nuhun.